Terbitan Jendela Hasanah

“Membaca dan Menulis bukan seruan saya, tetapi seruan Tuhan, maka ayo kita membaca dan menulis.”

BAGJA KASURA TUNGGARA: ANTOLOGI FIKSI MINI

Ieu buku medal dimimitian ku “DIMINBAR”, diajar mikmin babarengan, dina hiji rohang grup WA, nu lolobana guru. Aya nu geus moyan, aya nu masih taram-taram, jeung aya nu kakara pisan diajarna. Sim kuring ukur ngaping sakumaha aturan lamun nyieun fiksi mini basa Sunda. Teu pisan-pisan ngaku pupuhu da akur jeung nu lian sarua diajar.

Dina prakna kuring ogé bari loba tatanya ka nu geus moyan palebah nyieun fikmin. Méré sababaraha conto, ti pangarang nu geus sohor keur nu dialajar. Sababaraha bulan, nu ngarapungkeun fikmin dibéré kamandang jeung dilelempeng éjahanana. Nya ku ningali sumangetna, alhamdulillah, aya reueus, geuning masih aya kénéh nu hayang ngamumulé basa Sunda.

Fiksi mini basa Sunda nyaéta carita pondok nakeranan nu ngan sababaraha paragrap tur diwatesanan 150 kecap. Eusi caritana dipeureut tur matak panasaran nu maca. Bisa mangrupa-rupa jejer nu ahéng. Kakuatan fikmin téh aya dina unsur carita jeung unsur séjénna. Pungkasanana anu matak hélok, bisa ku cara sina ngagentak, ngagilek, atawa lapat-lapat ngaweuhan. Kitu sakuduna mah. Tapi keun da ieu mah fiksi mini nu dialajar, da keur nu nulis mah ieu téh mangrupa kareueus bisa ngajanggélék jadi buku ogé hasil bajoang.

Spesifikasi Buku

Pangarang:

Dede Rostiana, Umi Komara, Hj. Ade Supartini, Cucu Unisah, Nonong Rowiyah, Djuariah, N. Ai Kusumawati, Endang Tanti Prihatin, Imas Mulyati, Arif Supriatna, Kustiani, Iz Shafura, Nawangsih, Lilis Sadiah, Taryuni, Venice Rahayu, N. Rohani, Kartika Janah, Badriah, Kania Dewi, Ayi Suprihati, Dian Sopian Rahmat, Hj. Ida Saidah, Nelly Amalia, Hasbi Amali, Yadi Kusmayadi, Giwangkara Sumirat, Kartiwa, Nono Daryono, Saiful Amri.

Juru Telik:
Oesep Kurniadi, Dede Rostiana, & Saiful Amri

Warna: black/white
Pembatas Buku
Wrapping Buku

Kertas: Book Paper
Ukuran: A5 (14 x 20) cm
Halaman: 116 halaman
Soft Cover

Harga Khusus Pre-Order

Rp 55.000,-